Dongeng (Bahasa Sunda)

Dongeng nyaeta carita rekaan dina wangun lancaran nu sifatna pamohalan (teu asup akal).


Mangrupi-rupi dongeng :

1. Dongen sato (fabel)
Dongeng nu palakuna sato piaraan atawa sato liar. Dina dongen ieu teh sasatoan bisa ngomong. Conto dongeng sato (fabel) : 
1) sakadang kuya jeung monyet
2) peucang nu licik
3) beurit nu kacida bedegong na
4) kuya silihduruk jeung maung



2. Dongeng Mite
Dongeng tradisional anu carita na make palaku mahluk supernatural, latarna suci, sarta waktuna jaman purba. Di jerona aya kajadian anu ngabayangkeun kajadian diciptakeuna alam dunya jeung isina. Contoh dongeng nyaeta :
1) Dongeng "Dewi Sri"
2) Dongeng "Munjung"



3. Dongeng legenda (sasakala)
Dongeng anu nyaritakeun kajadian di jaman baheula tapi lain di jaman purba. Di jerona aya kajadian saolah-saolah saperti dina sajarah. Biasana dina eta sajarah sok aya kajadian anu luar biasa. Conto dongeng na nyaeta :
1) dongeng "talaga warna"
2) dongeng "pare"
3) dongeng "situ bagendit"
4) dongeng "sangkuriang"



4. Dongeng jalma teu lumrah (parabel)
Dongeng anu eusina nyaritakeun jalma anu teu ilahar atawa mahiwal tapi rea pikalucueun.



Unsur-unsur dina dongeng :
  1. Tema nyaeta ide dina hiji carita.
  2. Palaku nyaeta pihak anu ngalakon dina hiji carita
  3. Galur nyaeta leunjeuran carita atawa runtuyan kajadian anu patarema nepi ka ngarakit jadi lalakon anu gembleng.
  4. Latar (setting) nyaeta gambaran waktu, kaayaan, patempatan dina hiji carita.
  5. Amanat nayeta pesen pangarang pikeun jadi pangajaran jeung pamaca.
Previous
Next Post »